Sabtu, 19 April 2025

Duabelas Naha

  • 11 Maret 2025 03:43

Akademisi / Guru Nanjung Desa, Yoyon Suryono (Potret : Tangkapan Layar/Pustakawarta.com)

Ragam Opini, Pustakawarta.com - Budak teu sakola, jualan kacang mapay jalan, neang duit keur ngabantu indungna, ngahurungkeun pawonna. Naha salah? Meuren budak teh bibit pangusaha, embung nyusahkeun batur.

Anggaran ti pemarentah milyaran, sakola masih mungut duit deui ka orang tua. Naha kitu? Enya da loba pangabutuh, hayang mageran sakola, ngilu cara gedong pamarentah make ac. Ilikan bisi aya nu bocor.

Sakola ngayakeun study tour keur murid-muridna, alatan mungut duit ka orang tua, kapala sakolana dieureunkeun. Ngalanggar surat edaran guburnur cenah. Kekeke geuning kitu? Naha pgri, kadis jeung kacede cicing bae?

Meunang ari study tour mah, ngan ulah kaluar ti jawa barat, tuh aya patilasan prabu siliwangi, aya kawah putih, pengandaran, palabuan ratu nu aya nyi roro kidulna. Naha geuning kurung batokeun?

Pangusaha transportasi ti jawa tengah ngabewara, moal mawa panumpang study tour ka jawa barat, ngabales larangan ti titisan pangagungna. Naha ngabibitkeun pacekcokan?

Da ngaranna biaya operasional sakola, sagala kabutuhan sakola geus diwaragadan ku pamarentah, ulah mungut deui ka orang tua najan waragad eta teu nyukupan, naha sakola loba kahayang kitu? Moal ari aya nu boga hayang ngala bati mah.

Pikabungaheun aya beja provinsi rek tambahan waragad sakola, guru kudu fokus ngajar, sakola tong jual beuli sarupaning lks jeung baju seragam, ulah oge ngurus administrasi, naha ulah kitu? Apan loba pajabat ngarangkep pangusaha? Oligarki leuleutikan. Meureun. Sok benerkeun aturan ti jakartana.

Muji syukur ka Pangeran, provinsi bade nambihan waragad kangge sakola, sae pisan Pangersa teh, sanaos kitu aya hiliwir angin nyandak wartos, cenah, ieu mah cenah, provinsi teh kedah mayar sambetan nu acisna diangge ngawangun masigit. Naha bet kitu, leres? Hapunten Pangersa.

Ngan ukur keretas nu aya tulisan jeung cap, kangaranan ijasah, lain ngan saukur dipalsukeun, disakolakeun, ditahan ku sakolana lantaran nu boga ijasahna, eh indung bapana, can ngalunasan biaya sakola anu kasebut SPP, numpuk ribuan cenah di tatar sunda teh. Sok geura bagikeun cenah. Naha sakola swasta lolobana kitu? Tuh geus aya nu protes.

Perkara oknum nakal dimana-mana ngalayah, lain ngan ukur nu kasebut guru, apan kitu ari manusa mah, moal ari kabeh manusa, boh oknum boh lain oknum, kitu kajadianana ti keur zaman batu keneh. Ulah ngagebyah uyah cek paribasa, pamali, nya naon kauntunganana ngagogoreng guru? Teu diluluskeun kitu keur sakolana baheula? Atawa aya pesenan khusus keur nutup perkara sejen nu viral di medsos, kunaoun teu lapor ka polisi lamun enya aya oknum nu nyimpang tina aturan? Sing percaya ka penegak hukum, ari maneh penegak hukum kitu? Naha ka guru mulang terimana ku ngagogoreng, hayang diajar deui ku guru kitu.

Hanas geus dangdan, nyewa pakain adat sunda sagala, hudang ge isuk-isuk, katempo marahmay pameunteuna, bungah pisan, enya apan poe ieu rek diwisuda najan kakara ngilu paud, ulah wiwisudaan keur barudak mah da wisuda teh ritual paguron luhur, karunya ka indung bapak kudu nyiapkeu duit jang suwa sewa, katempo budak teh camberut, kumaha si bapak teh, budak rek seneng'seneng dicaram, perkara ngadidik anak apan kudu nyenengkeun, naha kitu? Apa yang kau cari Palupi.

Program makan bergizi gratis kudu jalan terus, tong aya nu ngahalangan najan duit triuyunan beak, barudak kudu sehat palaliter, muhun sae pisan bapa, naha diimahna barudak teh dahar nu bergizi? Keur kuring leutik dahar teh sayanna, teu ngarasula.

(Katarajang muriang geus dua poe, teu puasa. Bari ngagoler catetan ieu dijieun. Inget ka kawih mangsa keur budak. Tah ieu kawihna"

"Ayang ayang gung, gung goongna rame, menak ki mastanu, nu jadi wadana, naha maneh kitu, tukang ngagogoreng)". Hehehe (*) 

Bagikan Berita


Untuk Menambahkan Ulasan Berita, Anda Harus Login Terlebih Dahulu